Mo-tau Headline Animator

Mo-tau Headline Animator

Thursday, May 7, 2009

Mawar Bodas

Judul : Mawar bodas
----------------------------------------------

mapay jalan satapak
ngajugjug ka hiji lembur
henteu karasa capena
sabab aya nu diteang

hujan angin dor dar gelap
teu aya tempat keur ngiuhan
sanajan awak rancucut
teu paduli kajeun teuing

nu penting mah asal nepi
ka tempat anu di tuju
rek ngalongok Mawar Bodas
nu moal lila kaala
sugan tea moal gagal
kembang geus aya nu boga
balik teh asa hoream
leumpang ge asa ngalayang

teu kasawang ti anggalna
teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri hate
hoream teu sudi teuing

neangan pipanyakiteun
neangan pipanyakiteun

Comments :

0 comments to “Mawar Bodas”


Post a Comment